Lirik Lagu Ulah Cuerik - Revina Alvira (Cover Lagu Sunda)


Lyrics Ulah Cuerik

Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang papisah pisah

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna

Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan

Antara urang duaan
Lain anjeun lain abdi
Urang geus lain lainna
Lain...

Reff

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten duda
Abdi pasrah jadi randa
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, abdi hampura