Lirik Lagu Hirup Aing Kumaha Aing - Jheje Project

Jheje Project - Hirup Aing Kumaha Aing Lirik

Aing ngarumasa teu bisa makaya
Tapi lain aing ku teu hayang makaya
Sabab neangan gawe teu sagampang
Urang ngiceup keun mata

Loba anu beja aing ieu teu guna
Teu bisa ngabungah keun indung jeung bapa
Jig atuh sing mikir ulah ceplas ceplos
Naon hirup sia geus bener ?

Ulah, ulah loba ka nyinyir
Urus weh urusan sia

Hirup aing kumaha aing
Sararia tong parusing
Hirup aing kumaha aing
Teu ngarugi keun batur eta nu penting

Hirup ulah loba ka nyinyir
Kudu bisa sing saling mikir
Ulah ngarasa jadi jelema nu paling bener
Lamun can bisa jadi jelema nu bageur

Jig atuh kudu sing mikir
Ulah ulah loba ka nyinyir
Aing hirup lain hirup ti saria
Aing susah teu nyusah keun sararia